Cinta Munggaran

Cinta Munggaran Ku: C. Siti Juariah (Guru PAI SMPN 1 Cijambe)
Bulan moncorong semu ngagempur beureum lir némbongkeun raray wanoja anu kiwari keur bungangang alatan keuna ku virus katresna ka hiji jajaka. Dina peutingan éta manéhna gulang guling, leungeunna pageuh nangkeup guguling bari paningal mah anteng neuteup lalangit kamar. Belenyéh dua biwirna anu ipis semu beureum imut, mun diteuteup matak jumaut haté kapaut.
Cinta Munggaran
“Duh, A Oga, geuning teu sangki urang ditepangkeun deui. Mingkin dieu, meni mingkin kasééép Aa téh !” Pok éta wanoja anu katelahna Kinanti Prameswari, ngedalkeun rasa anu geus lila nyaliksik jero haténa. Rasa anu dipeuyeum asakeun ti mimiti manéhna begér nepi ka kiwari, wanci anu kacida panjangna,
Kinanti mimiti amprok jeung Yoga Pratama, mangsa manéhna sakola di tsanawiyah. Manéhna diuk di kelas hiji, Yoga mah harita téh geus kelas tilu.
Maranéhna sering pisan amprok ku cukang lantaran acara MOS (Masa Orientasi Siswa). Yoga anu harita jadi Ketua OSIS, aktif pisan tampil dina riungan murid anyar, sajaba diwanohkeun jadi pejabat penting di kalangan para murid ogé sok ngadamping para guru anu jadi juru wicara salila lumangsungna acara MOS di sakolana.
Yoga mangrupa hiji murid anu nyongcolang dina widang prestasi ogé rupana. Dedeg pangadegna gandang pisan. Irung jangkung mancrit, biwir ipis semu beureum, gadona beulah mapaés siluét raray anu ngadaun seureuh, huntu laleutik rapih lir siki bonténg, kulitna héjo carulang, lamun imut pipina kempot narik nu nempo hayang nyelepot.
Saban poé lamun waktu istirahat, manéhna sok diuk dina bangku taman sakola anu aya di hareupeun kelasna. Ngariung jeung bala baturna, sing garonjak éak-éakan bararanyol. Kituna téh sok bari maraca buku, sarupaning komik, novel, jeung majalah milik pribadi atawa meungang nginjeum ti perpustakaan sakola.
Kelas 1 A anu dieusian ku Kinanti ayana dina leresan kelas 3 A, pahareup-hareup dipinding ku taman tempat Yoga jeung bala baturna biasa arulin. Sajaba arulin sabenerna mah maranéhna téh sok bari nyalirian kelas hiji anu halérang, kaasup Kinanti salasawijina. Ti poé ka poé téh ngan kitu baé, nepi ka tungtungna mah nyaluratan kanu jadi kikindeuwanna, jaradian wéh, bakuna mah anu disebut istilah cinta monyét téa.
Sajeroning kitu, Yoga jeung Kinanti mah teu kaasup salasawiji papacangan cinta monyét éta. Maranéhna mah harusyu dialajar, teu lagideur najan sabenerna mah haté tagiwur ngarasa rémpan, sok alah ieung kikindeuwanna dicokot batur. Tapi rasa éta teu ngajadikeun maranéhna sulaya kana jangji anu geus dipaheutkeun jeung kolotna, yén saméméh nincak Universitas, henteu meunang wara bobogohan..
Hiji poé di pasantrén Nurul Falah, tempat Yoga jeung Kinanti mondok, para Asatidz jeung pengurus keur ngarobrol pogot naker, keur ngararancang pipetaeun engké dina acara milad pasantrén anu baris dilaksanakeun saminggu deui. Rupa-rupa pamanggih diarasongkeun, diudar dipedar hiji-hiji surti naker. Dina rupa-rupa éta pamanggih, aya hiji anu nyebét-nyebét ngaran Yoga jeung Kinanti. Horéng simana horéng, éta pamanggih téh kaluar ti pengurus anu nyekel widang seni.
Ceuk pamanggihna, engké dina waktuna, pangabisa Yoga jeung Kinanti kudu dipintonkeun, ngawinkeun jentréngna senar gitar jeung hariring nyanyian suling.
Kala maranéhna mimiti abus pasantrén ka Nurul Falah, kungsi diwawancara anu salasawiji pasualanna nyaéta perkara hobi. Ti dinya Yoga jeung Kinanti kanyahoan pangabisana. Ari anu nanyana, seksi widang seni téa anu kabeneran harita bagéan ngawawancara.
Singgetna waktu, poé ganti poé, ngagunuk ngajadi Minggu, acara miéling milad pasantrén anu didago-dago téh kiwari datang. Palasantri balawiri, aya nu nyekel toestel keur ngaabadikeun éta acara, aya anu nyeleténg waé alatan wawadah kuéh, pajar manéh ngarah teu bangga cengkat pikirna téh. Di satukangeun panggung, anu rék tampil paciweuh sasayagian alat anu dibutuhkeun sapuratina, tukang sound system ngahantem nyetél-nyetél speaker ngarah agem kadéngéna, anu jadi panata acara geus nagen ginding naker gigireun panggung, nandaan acara baris dimimitian.
“Sumangga ka sadayana nu tos hadir di ieu tempat, supados tiasa nempatan korsi anu tos disayogikeun ku panitia. Ogé ka seksi dokumentasi supados tiasa tatan-tatan nyeketan ieu panggung kumargi acara baris dikawitan”, pok panata acara ngabébérés persiapan.
Acara dibuka ku tampilan tepakan qasidah rebana, anu dikokojoan ku Neng Irma, putrina Bapa ajengan. Sabérésna éta qasidah, panata acara naék ka panggung muka acara. Guluyur wéh acara lumangsung lancar sakumaha anu dipikaharep. Ari minangka acara anu jadi favorit nyaéta kawih Sunda Religi anu diiringan ku jentréngan gitarna Yoga jeung halimpuna hariring suling Kinanti. Anu lalajo harookeun ngarasa takjub kana kaéndahan nada-nada hasil improvisasi Yoga jeung Kinanti. Sakabéhna nangtung kaleprok bari panon baleureum rada ngunclang alatan kabawa kana suasana éta kakawihan.
Palasantri sing jalerit, “A Oga, Kinan!” sing corowok batan ka artis. Didin babaturan dalitna Yoga ngamimitian ngabasta-basta, “Man-teman, cocok nya?!” pokna nanya ka palasantri anu keur cocorowokan. “Pastinya dong,,, pokona cucok rowo”, Amel nembalan bari disusul ku ngahéhéh seuri. “Tapi da enya….deuih” Ceuk palasantri, saur manuk.
Irung Yoga katempo ngabeukahan, pipina rada beureum babalieuran éra pacampur atoh. Ari Kinanti, ukur ngagelenyut imut bari leungeuna nyiwit saeutik kana cangkéngna Amel. “Aduuuuuh!” , Amel ngagorowok nyerieun, tapi kituna téh bari keukeuh ngotél Kinanti.
“Kinan…”, gedebeg awak Kinanti ngarénjag. Byuuuur lamunan manéhna ka mangsa ka tukang singlar. Cubuk cabak teu puguh peta, bingung pipokeun lamun heg ditanya ku indungna.
“Ka..a..ah Mah”, walonna laun bari semu ngageleter. Kituna téh bari paromanna rada meureudeuy alatan hanjelu kana pamolahna, duméh manéhna tara bisa bohong kanu jadi indungna.
“Padahal mah engké wéh nya ngalamun téh, meu…reun… moal isin teuing!.” Haténa norowéco anu ditungtungan ku ngégél biwir bari panon semu peureum meureudeuy.
“Kunaon putri Mamah nu geulis téh? Katawisna mah… sapertos anu nuju kapanah nao…..on téh?!” Kecap indungna ngaheureuyan. Padahal mah manéhna geus apal yén anakna pasti geus papanggihan jeung jajaka anu kiwari ngabéngbat haténa.
“Ah… Ma…mah! Muhun lah…. Abdi ngangken…. Memang, anu aya dina émutan Mamah ayeuna perkawis abdi, leres. Dasar sok nguyupan Tolak Angin !” Pok Kinanti ka indungna bari kéom.
“Alhamdulillah… produk Mamah téréh sold out ! Buktosna, can ogé semester lima, tos aya anu pésen.” Ceuk indungna ka Kinan, bangun resep pisan ngaheureuyan.
"Ihhhh, Mamah mah da! Teu acan tangtos sold out atuh,,,da anu resep tipayunna ogé abdi, duka Si Aa ituna mah.” Pok Kinanti rada lelengis.
Sabenerna, Kinanti can ngarasa yakin yén kahayangna bakal ngawujud. Sabab jajaka anu kiwari ngirut haténa, can aya basa ngungkarakeun yén éta jajaka téh neundeun maksud ka manéhna. Salila babarengan dina saminggu ti mimiti deui amprok, ukur diajak dahar bareng jeung sok pirajeuneun dibéré bingkisan.
“Hidep teu kedah salempang bageur… jodo mah moal kamana. Tambi suni, mending kersa nya,,, diwanohkeun ka putra sobat Si Papah anu calikna di Cibiru?” Ceuk indungna ngabébénjokeun anakna anu keur leutik haté.
“Upami wawanohan wungkul mah, abdi ogé kersa Mah. Tapi…. Upami aya tungtungan, alim ah.” Walon Kinanti surti naker.
“Teu kedah rémpan perkawis éta mah, da ending namah aya dina kadali hidep sareng Si Ehm.” Jawab indungna, kituna téh leungeuna nyawél gado Kinanti bari ngagileurkeun dua panonna. Anu tuluyna mah ngaléos wéh ka tepas imah.
Meunang sajongjongan Kinanti ngahuleng miraga meneng. “Ya Allah, Gusti Anu Kagungan bumi langit katut eusina, mugia Gamparan maparin abdi pituduh.” Haténa ngagerentes.(Bersambung)
