Cinta Munggaran (Bagian Dua)

Cinta Munggaran - Ku: C. Siti Juariah (Guru PAI SMPN 1 Cijambe)
Cinta Munggaran (Bagian Dua)
“Ihhhh, Mamah mah da! Teu acan tangtos sold out atuh,,,da anu resep tipayunna ogé abdi, duka Si Aa ituna mah.” Pok Kinanti rada lelengis.
Sabenerna, Kinanti can ngarasa yakin yén kahayangna bakal ngawujud. Sabab jajaka anu kiwari ngirut haténa, can aya basa ngungkarakeun yén éta jajaka téh neundeun maksud ka manéhna. Salila babarengan dina saminggu ti mimiti deui amprok, ukur diajak dahar bareng jeung sok pirajeuneun dibéré bingkisan.
“Hidep teu kedah salempang bageur… jodo mah moal kamana. Tambi suni, mending kersa nya,,, diwanohkeun ka putra sobat Si Papah anu calikna di Cibiru?” Ceuk indungna ngabébénjokeun anakna anu keur leutik haté.
“Upami wawanohan wungkul mah, abdi ogé kersa Mah. Tapi…. Upami aya tungtungan, alim ah.” Walon Kinanti surti naker.
“Teu kedah rémpan perkawis éta mah, da ending namah aya dina kadali hidep sareng Si Ehm.” Jawab indungna, kituna téh leungeuna nyawél gado Kinanti bari ngagileurkeun dua panonna. Anu tuluyna mah ngaléos wéh ka tepas imah.
Meunang sajongjongan Kinanti ngahuleng miraga meneng. “Ya Allah, Gusti Anu Kagungan bumi langit katut eusina, mugia Gamparan maparin abdi pituduh.” Haténa ngagerentes.
Isukna kakocapkan di kampus tempat Kinanti kuliah, mangsa manéhna keur indit ka kantin, ujug-ujug aya anu nangkeup ti tukang, mereket naker.
“Astaghfirullahal adziim…!” Kinanti ngarasa reuwas bari ditungtungan ku ngocéak.
“Ce…wek, tenang dong!” Pok anu nangkeup, halimpu pisan.
Ler, Kinanti ngarasa tenang. Lantaran sora anu nangkeup téh manéhna apaleun pisan, sok sanajan ngarasa asa aya dina jero pangimpian.
“Téh Ir…ma?!” Kinanti nebak. Leungeunna malik ngerewek kana leungeun anu nangkeup.
“Muhun de… ieu Tétéh.” Walon Irma ancad laér. Kituna téh bari malikkeun awak Kinanti sangkan pahareup-hareup jeung manéhna.
“Ah… Tétéh!” Kinanti nyorowok bari ngagabrug bangun nu sono kacida.
Pada ahirna mah ka kantin téh jadi bareng duaan. Silicarita pangalaman séwang-séwangan, ngalalakon ti saprak lulus ti tsanawiyah.
“Oh… Janten Tétéh téh dikuliahkeun ku ramana A Oga?” Tanya Kinanti bangun panasaran. Bari haténa mah geus mimiti rada tagiwur.
“Muhun… Saur ramana Yoga, ieu téh étang-étang tawis kadeudeuh ka Bapa Ajengan anu tos ngadidik, ngadedel murangkalihna ku élmu agama.” Walon Irma bari numpangkeun dampal leungeunna kana réma-réma léncob Kinanti anu keur numpang luhureun méja.
“Ehm, hayoh…. Boa-boa diwengku janten minantu yeuh! Pun Tétéh mah geulis, andalemi, soantenna saé, putri ajengan, anu saraé pokona mah diborong ku nyalira dugikeun abdi mah teu kabagéan” Pok Kinanti bari haténa mah geus mimiti héhéaban.
“Eh… sok kitu nya Ade mah. Sakumaha pamuji Ade ka Tétéh, moal tiasa sabanding sareng kahébatan calon tunanganna Yoga.” Irma ngabébérkeun kamandangna.
Jeledér, Kinanti awakna asa disamber guludug. Ray pias, ray beureum pameunteuna nahan kana piceurikeun. Teu wasa ngaléngkah, ku lantaran sukuna ngadadak leuleus ngaleketey. Engapan rada ngahanju alatan nahan kareuwas reujeung amarah. Tungtungna manéhna diuk salila-lila di bangku kantin.
“Ade kunaon? Teu damang? Mana nu karaosna?” Tanya Irma héraneun lantaran Kinanti paromanna miasan.
“Henteu Téh. Sapertosna mah panyawat mag kambuh, ieu neda mie ték-ték lada teuing. Kin ogé dilandong lajeng dibobokeun bakal damang deui.” Jawab Kinanti ngabohong.
Irma ringrangeun naker. Kinanti lain ngan saukur adi kelas, tatapina adi kageugeut manéhna. Geuning sok biasa di pasantrén mah aya budaya aadian lalanceukan. Irma téh minangkana lanceuk angkatna Kinanti.
Kinanti dibéyéng ku Irma, leumpangna laon pisan supaya Kinanti henteu asa diabrug-abrug. Saban léngkah Irma ngarérétan raray Kinanti, sieun ujug-ujug kapiuhan.
Nu dijugjug teu burung tepi. Tapi barang rék megat angkutan umum, seleber aya anu lumpat ka gigireun Kinanti, reg eureun hareupeunna.
“Ir, antosan heula sakedap didieu, abdi bade nyandak mobil heula.” Pok Yoga ka Irma bari humaréhoh. Irma unggek, cingcirén manéhna nyatujuan kana paméntana Yoga.
Teu kungsi lila, jol mobil datang. Bleg, panto mobil dibuka disusul muka panto anu lebah gigir tukang. Kinanti didiukeun ku Irma di jero mobil, bari leungeunna teu lesot ngayanggung. Tuluy sirah Kinanti diléhékkeun kana taktakna, pipi Kinanti diusapan laun naker. “Duh, meni hawatos rayi Tétéh.” Pok Irma pinuh rasa kahéman.
Kinanti peureum sajajalan lantaran hamo ningali Yoga. Aya ambek, aya nalangsa, aya rasa sieun hésé pikeun mopohokeun éta jajaka anu ditaksir tisaprak dalapan taun katukang. Karak gé tepung deui bari jeung umur saminggu, ujug-ujug ngadéngé béja éta jajaka geus boga calon tunangan. Mun kongang mah,Kinanti téh asa hayang awong-awongan nyarékan Yoga.
Anu disorang teu burung tepi. Reg, mobil eureun hareupeun gerbang pager imah Kinanti. Jrut, Yoga turun tina mobil bari tuluy mukakeun panto mobil lebah Kinanti diuk. Sorolok panto gerbang disurungkeun sangkan muka. Supaya Kinanti kari asup, teu kudu ngadadak mukakeun. Teu lila Kinanti turun dibéyéng Irma, dileumpangkeun alon-alon asup ka palataran imah.
Barang nepi ka teras hareup, bray… panto ujug-ujug muka. Dibukakeun ku indungna Kinanti anu ti tatadi geus ngadadago. Anu saban waktu noongan ti jero jandéla kaca. Deg, Irma jeung Kinanti reuwas. Tepas imah pinuh kunu tatamu, malah mandar susuguhna ogé kumplit, sarupaning cau, opak, kiripik, peuyeum, bolu, rupa-rupa kue basah, ranginang ogé rangining, bakuna mah kadaharan anu sok aya dinu hajatan.
Can ogé lipur reuwasna, tatamu pating corowok, “Néng Kinan… ieu kulawargina A Yoga!” Ceuk saurang deui, “Geulis pisan eung !”. Anu sakarina mah anteng nareuteup Kinanti bangun resep ningali raray rancunitna.
Tarang Kinanti kerung teu ngarti, “Ku naraon ieu jalmi téh?” ceuk gerentes haténa. Anu ahirna kapanasaranna singlar ku béja ti indungna.
“Kinan… énggal hidep geura ka kamar, anggo kabaya anu ku Mamah tos disayogikeun diluhur kasur. Teras upami aya MUA (Make-Up Artist) nurut wéh nya, supados neungkas dina dintenan penting hidep. Tos sayogi kan dilamar ku Aa Oga?.” Pok indungna bari rada noél kana cangkéngna Kinanti.
Bray… bumi alam asa caang ngebrak nyaangan uteuk reujeung haténa. Asa dina jero pangimpian manéhna bakal tunangan jeung jajaka kameumeutna anu geus dipikaresep ti mimiti manéhna begér.
Teu diengkékeun deui, léos Kinanti tuluy ka kamar dibarengan ku Néng Irma.
“Tuh… kan, saur Tétéh ogé calon tunangan Yoga mah hébat.” Pok Irma bari ditungtungan ku ngahéhéh seuri. Kapan Irma mah sabenerna enggeus apal sajarahna. Yoga ti mimiti ningali Kinanti geus kabéngbat, ngan inget kana jangji ka kolotna moal bobogohan saméméh nincak Pendidikan di Universitas. Ti jaman sakola di tsanawiyah nepi ka geus dariuk di universitas, Irma jadi tempat curhatna Yoga. Pokona Irma mah geus apal kana kartu As na.
“Teteh, naha geuning kulawargina A Oga ujug-ujug ngawidian tunangan ka abdi? Kapanan teu acan pada uninga. Teras, naha sapertos anu tos loma ningal abdi téh? Kapanan teu acan kantos papendak?” Tanya Kinanti bangun panasaran.
“De… émut teu waktos acara Milad pasantrén nuju Yoga kelas tilu? Adé teu uninga nya aya anu paparazzi?” Pok Irma bari semu imut.
“Kantenan atuh henteu Tétéhkuuuu, namina ogé paparazzi. Upami abdi terang mah, atuh pastina bakal ngagaya.” Walon Kinanti bari peureum semu nahan piseurieun lantaran rarayna eukeur dirias.
Der, Irma nyaritakeun yén anu paparazzi téh senah séksi dokuméntasi anu dititah ku Yoga, malah mah diburuhan sagala rupa sangkan motona alus. Roll Film na ogé dikhususkeun, meunang meuli Yoga pribadi, sangkan henteu dicitak ku nu lian, ngan bakal dipimilik ku manéhna sorangan.
Mangsa kolotna Yoga besuk ka pasantrén, indungna geus neundeun curiga yén anakna enggeus begér. Soalna lamun keur kabeneran balik, Yoga tara elat ngahariring bari susuitan. Sok make pencuci wajah sapakét jeung pelembabna, jeung teu elat make hand and body, katut minyak wangi. Lomari pakéanna sok ulah dibuka, privasi pajarkeun téh. Pikeun ngorék kana béja, der indungna ngeupanan ku ngongét-ngongét jangji anu geus dipaheutkeun antara manéhna jeung Yoga. Yoga narima, ngan pedah nétélakeun ka indungna yén manéhna teu bisa nampik kana rasa anu ujug-ujug aya alatan perkembangan biologis, nu disebut begér téa ngaranna. Yoga ngomong ka indungna supaya entong salempang, sabab sanajan begér tapi manéhna moal rék bobogohan. Ngan, manéhna ménta ka indungna supaya ngaridoan engké dina waktuna bérés skripsi arék langsung nanyaan wanoja anu kiwari jadi kikindeuwanna.
Indungna rada ngahuleng, teu sangka anakna implenganna ngemplad panjang. Manéhna jadi panasaran, wanoja leutik nu mana nu geus ngirut ngagémban haté anakna. Kusabab geus kebek ku kapanasaran, indungna jadi nanya tetelépék ka Yoga ngeunaan kikindeuwanna, saha ngaranna, saha kolotna, dimana alamatna, numana jalmana, jeung pananya sapuratina.
Gorolang Yoga ngajawab kana pananya indungna atra pisan, henteu kungsi néngtog saeutik-eutik acan, bari ditungtungan ku némbongkeun potrét wanoja anu jadi kikindeuwanna. Indungna ngabarakatak, kagugu nempo pamolah anakna anu kawas News Anchor, ti mimiti data jeung fotona boga. Tapi manéhna jadi atoh ogé kagagas ku pamolah Yoga, lantaran wanoja anu jadi kikindeuwanna taya lian putrina sobat dalit salakina. Maranéhna sabenerna hayang pisan bébésanan, ngarah geus apal kana suklak sikluk kulawargana, ngan pedah arembung ari kudu ngarah ngajodo-jodo mah.
Jalaran kitu, indungna nyatujuan kana paméntana Yoga teu diengkékeun deui. Sabab dina pikirna, kahayangna bakal kahontal, sok sanajan karék néngtét. Manéhna optimis kalawan sasambat ka Gusti Nu Maha Suci, supaya tinekanan eta pamaksudan.
Kawas meunang badami, barang Irma bérés nyarita, anu dirias ogé ngiluan bérés. Tuluy Kinanti dituyun ku Irma dibawa ka tepas imah. Gék didiukkeun dina pindingan antara indung bapana.
Geus kitu mah, léos wéh Irma tuluy indit nyampeurkeun bapana anu geus rawuh di éta tempat, anu ngahaja diulem supaya nyakseni acara tunanganna Kinanti jeung Yoga.
Singgetna carita, acara téh geus mapay kana serah tarima cincin. Song, Yoga ngasongkeun cincin berlian ka bapana Kinanti ajrih kacida. Kituna téh bari sanuk-sanuk, tamada mihapékeun calon pamajikanna sangkan ulah dibéré lolongkrang keur narima jajaka séjén pikeun jadi salakina kalayan cincin berlian jadi cirina.
Gep, éta cincin ditarima. Tuluy diasupkeun kana jarijina Kinanti, pok ngomong, “Geulis….putri Papah anu bageur, ti kawit dinten ayeuna hidep tos satengah ngajodo sareng A Yoga, kumargi kitu hidep kedah amanah. Hidep teu kénging masihan harepan ka sakur-sakur jajaka anu nyimpen maksud ka hidep, kajabi upami A Yoga sulaya kana jangjina”.
Kinanti unggek, tandaning satuju. Biwirna ngagelenyut imut, ngagambarkeun rasa bagja anu datang kalayan teu disangka-sangka. Pirajeuneun panonna anu cureuleuk rada ngarérétan ka lebah Yoga anu harita gandang tur perténtang, matak nambah resep ningalina.
Kitu deui Yoga, paromanna musam-mésem bari neuteup anteng anu rancunit anu keur diuk gigireun pimitohaeunna. Lamun seg ngagugu nafsu, hayang kep, hayang kep wéh, ngerewek nangkeup ngagaléntoran Kinanti anu kiwari jadi kakasih atina. Atuda rék kumaha teu pikabitaeun, biwir amécoy, irungna jangkung leutik mancrit, gadona endog sapotong, pipina caang cahayaan, panonna buleud cureuleuk dipapaés ku buluna anu lalentik. Bakuna mah matak pogot nu molohok, matak kabita nu nempo.
Ngan untungna, kakuatan iman nu dipimilik ku Yoga bisa ngadalikeun kana kahayang hawa nafsuna. Bari haténa mah kekereket hayang geura sidang skripsi, ngarah téréh ka bale nyungcung pikeun ngadahup jeung wanoja kameumeutna. Pikirna, meureun lamun geus halal mah, rék dikerewek, dikenyot, diceletrok, digulang gapér gé moal matak jadi dosa, nu aya malah meunang pahala ti Gusti Anu Kawasa.
(Mangga carita salajengna mah kumaha imajinasi pembaca baé, penulis mah mung tiasa cumarita dugi kadieu kumargi kabujeng aya Mang Tata icalan tomat. TAMAT)
